jieun kalimah tina kecap sataun,sangges,saindung,sidakep,sidengdang
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu paling penting dina nyieun kalimah basa Sunda nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Nilik kana kecap kecap nu aya du luhur, kecap sataun, sidakep jeung sidengdang bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Sedengkeun kecap sanggeus jeung saindung ngan bisa dilarapkeun dina ragam basa loma.
Pembahasan
Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka diri sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Di handap ieu nyaeta conto kalimah tina kecap sataun, sangges, saindung, sidakep, sidengdang ngagunakeun ragam basa nu merenah:
- Sataun, "Mang Udin teh di Bandungna geus sataun"
- Sanggeus, "Sanggeus panggih jeung adina di Jogja, Budi langsung balik deui ka Jakarta"
- Saindung, "Amir teh saindung jeung Maman tapi teu sabapa"
- Sidakep, "Neng Lia mah upami di kelas teh sok sidakep ngupingkeun Ibu Guru nyarios"
- Sidengdang, "Pun lanceuk sateuacan mulih ka bumina teh sidengdang heula di saung caket sawah"
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Nyieun kalimah basa Sunda