B. Daerah

Pertanyaan

eusi sing sabar nahan cocobi

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    "Sing sabar nahan cocobi" mangrupakeun eusi tina hiji wawangsalan. Wawangsalan nyaeta hiji rupa sisindiran. Sisindiran mangrupakeun karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Eusi salengkepna tina wawangsalan anu di luhur nyaeta:

    Tipung beas dicitakan
    Sing sabar nahan cocobi (wangsalna surabi)

    Dina unggal padalisan aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sisindiran aya anu disebut bagean cangkang jeung bagean eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi.

Pertanyaan Lainnya