B. Daerah

Pertanyaan

kakulah nyiar kapiting
kanubala ngala sulah
ulah sok liar ti peuting
disakola matak

Wangun sisindiran di luhur Kaasup
tina?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran nu eusina mangrupa sislihasih, jeung aya oge sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Di handap ieu conto sapada sisindiran :

    Kakulah nyiar kapiting
    kanubala ngala suluh
    ulah sok liar ti peuting
    disakola matak tunduh

    Nilik kana rumpaka conto sisindiran nu di luhur, wangun sisindiran di luhur kaasup tina sisindiran paparikan nu eusina mangrupa piwuruk.

    Sisindiran teh mangrupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa wangun puisi Sunda, nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran kaasup kana wangun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita.

    Conto puisi Sunda lianna, salian ti sisindiran, nu eusina henteu mangrua carita, nyaeta saperti guguritan, mantra, pupujian jeung sajak. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun.

    Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sapada sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagian cangkang atawa sampiran jeung bagian eusi.

    Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. 

Pertanyaan Lainnya