Err... bisa berikan contoh pidato perpisahan dalam bahasa sunda? aku tidak bisa bahasa sunda. Pronto!
B. Daerah
AhmadMahendra4213
Pertanyaan
Err... bisa berikan contoh pidato perpisahan dalam bahasa sunda? aku tidak bisa bahasa sunda. Pronto!
1 Jawaban
-
1. Jawaban Fitriananda163
Para saderek sadaya anu ku simkuring dihormat.
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
ALHAMDU LILLAH NAHMADUHU WANASTA’INUHU WANASTAGHFIRUH‘WANA’UDZU BILLAHI MINSYURURI ANFUSINA ’WAMIN SAQYYIATI A’MA LINA MAN YAHDIL LAHU FALA MUDLILLALAH WAMAN YUDLILHU FALA HADIYALAH.
Saleresna simkuring kacida abotna kanggo papisah, sanajan mung samentara waktu sareng saderek sadaya nu parantos ku simkuring dianggap sabage kulawarga simkuring bae. Namun tangtos para saderek sadaya parantos uninga ku lungsurna SK. Pimpinan Perusahaan nomor ………………….. tanggal ………………. simkuring ditugaskeun kanggo ngabantu demi perkembangan cabang perusahaan ieu anu aya di kota …….. …………………………………………. Para saderek sadaya, janten dina kasempetan pang akhirna ieu kanggo simkuring dina patepung lawung patepang wajah sareng para saderek sadaya.
Kumargi kitu, dina kasempetan ieu simkuring ngucapkeun syukur sareng ngahaturkeun sewu nuhun kana sagala bantuan sareng kerja sama salami simkuring tugas di perusahaan ieu. Margi tanpa ayana bantuan sareng kerja sama ti para saderek sadaya, simkuring salaku karyawan, moal mungkin tiasa ngalaksanakeun tugas nu parantos dibeban’ keun ka simkuring. Harepan simkuring, mudah-mudahan sadikantunna ku sim-kuring engke s,, cerek sadaya tetep tiasa terus miara kerja sama sareng papada “**”eabaturan, sarta salamina mudah-mudahan tiasa ningkatkeun sumanget sareng disiplin dina ngalaksanakeun tugas saderek sadaya.
Sabagi ucapan nu pangakhirna kalayan simkuring ngaraos abot kanggo papisah saderek sadaya, mudah-mudahan Allah SWT. manjangkeun yuswa urang sadaya kalayan tiasa babakti ibadah ka Anjeunna sarta mudah-mudahan urang sadaya tiasa patepangideui dina sanes kasempetan. Mudah-mudahan Allah ta’ala salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa ka urang sadayana. Aamiin
Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh
Maaf kalo salah