B. Daerah

Pertanyaan

1.Jieun ku hidep wawangsalan anu wangsalna teh tipung?
2.Jieun ku hidep paparkan jeung ra rakitan anu eusina teh silih asih tentang pepeling!

1 Jawaban

  • Nu perlu dilakukeun sangkan bisa nyieun wawangsalan nyaeta kudu mikawanoh naon nu disebut wawangsalan. Kitu oge sangkan bisa nyieun paparikan jeung rarakitan, kudu mikawanoh naon nu disebut paparikan jeung rarakitan. Wawangsalan, paparikan jeung rarakitan teh nyaeta rupa rupa sisindiran. Sisindiran nyaeta wangun puisi Sunda nu wangun atawa eusina rek siga pantun nu aya dina sastra Indonesia.  

    Pembahasan

    Ditilik tina eusi atawa maksudna aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, silih asih atawa sesebred. Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.

    Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta conto wawangsalan nu wangsalna tipung, sarta paparikan jeung rarakitan nu eusina silih asih ngeunaan pepeling:

    • Wawangsalan

    Béas ditutuan deui

    Iraha atuh patepung (wangsalna tipung).

    • Paparikan

    Lamun urang loba batur

    biasana moal susah

    Jeung dulur teh kudu akur

    kudu silih pikanyaah.

    • Rarakitan

    Kudu nyurung make otot

    supaya pantona rapet

    Kudu sing nyaah ka kolot

    supaya hirup salamet.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    2. Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    3. Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Nyieun wawangsalan

Pertanyaan Lainnya