B. Daerah

Pertanyaan

Naon hartina :
Kawas ceuli katel
Kawas anjing tutung buntut
Mucuk eurih
Ngeureut neundeun
Ngadaun seureuh
Peujit koreseun
(Bagi yang orang sunda)

1 Jawaban

  • Hartina kawas ceuli katel nyaeta geus teu bisa asup ku omongan atawa hese dipapatahan. Kekecapan kawas ceuli katel teh kaasup kana paribasa. Dina basa Sunda, paribasa kaasup kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh sarta harti nu geus maneuh oge. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila kila.  

    Pembahasan

    Kusabab pakeman basa teh mangrupa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh, kekecapan nu aya dina pakeman basa teu meunang dirobah robah. Pakeman basa biasana ditulis dina ragam basa loma. Kukituna pakeman basa bisa dilarapkeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes, sabab kekecapan nu aya dina pakeman basa teu meunang dirobah robah. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta jawaban salengkepna:

    1. Kawas ceuli katel hartina nyaeta geus teu bisa asup ku omongan atawa hese dipapatahan.  
    2. Kawas anj*ng tutung buntut hartina nyaeta teu daek cicing.
    3. Mucuk eurih hartina nyaeta lalencop kawas pucuk eurih (biasana dipake pikeun nunjukkeun ramo kuku awewe).
    4. Ngeureut neundeun hartina nyaeta bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
    5. Ngadaun seureuh hartina nyaeta potongan beungeut anu lencop, saperti daun seureuh salambar.
    6. Peujit koreseun hartina nyaeta loba dahar tapi teu wareg wareg

    Pelajari lebih lanjut

    • Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
    • Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Hartina kawas ceuli katel

Pertanyaan Lainnya