sasaruanana jeung bedana antara rarakitan jeung paparikan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Sasaruaan rarakitan jeung paparikan nyaeta yen sapadana aya opat padalisan, dina unggal padalisan aya dalapan engang, engang tungtung padalisan kahiji murwakanti jeung engang tungtung padalisan katilu, engang tungtung padalisan kadua murwakanti jeung engang tungtung padalisan kaopat, padalisan kahiji jeung kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupakeun eusi.
Sedengkeun bedana rarakitan jeung paparikan nyaeta dina rarakitan mah kecap mimiti padalisan kahiji sarua jeung kecap mimiti padalisan katilu, kecap mimiti padalisan kadua sarua jeung kecap mimiti padalisan kaopat. Sedengkeun dina paparikan mah henteu aya aturan kecap mimiti dina unggal padalisan saperti nu aya dina rarakitan. Kekecapan dina paparikan mah bebas, nu penting saluyu jeung sasaruan antara rarakitan jeung paparikan nu disebut di luhur.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Rarakitan, paparikan