tatakrama basa sunda baheula mah disebut..
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Tatakrama Basa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Tatakrama Basa Sunda baheula mah disebut Undak-usuk Basa Sunda. Dina Tatakrama Basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina ragam basa lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa nu dipikahormat.
Dina Undak-usuk Basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep mangrupa ragam basa lemes jeung dua mangrupa ragam basa loma atawa kasar. Tapi kiwari dina Tatakrama Basa Sunda geus sacara resmi ditangtukeun yen dina basa Sunda teh ngan saukur aya dua ragam basa, nyaeta saperti nu geus dijelaskeun di luhur.
Kata Kunci : Tatakrama Basa Sunda, Undak-usuk Basa Sunda